Sabtu, 24 Mei 2008

Harepan Anu Ilang

NU ILANG PEUTING IEU
Yasa : Emon Suryadilaga

Peuting ieu..
Aya sagurat pangharepan anu ilang
Ngawang kaliud seahna angina
Mapak langit,meuntans jerona mega
Saudat rasa nyangkaruk saukur kuciwa jero dada
Ngagurat lir panjangna kahayang
Ngampar lir legana dunya..
Naha Naon…
Anu jadi sabab ilang…
Lain angin padahal anu mawa ilang
Lain hujan caina anu mawa palid
Teuing naha eta gurat pangharepan anu ilang
Ilang katutup ku mega
Tapi…geuning apan itu mega…
Anu jadi saksi………Ilangna ieu pangharepan
AH….TEU NYAHO..
Yasa : Emon Suryadilaga


Ah teu nyaho..teu apal mimitina
Ngabusah bangusna..
Burahay matana
Pengkor sukuna…ngarengkol awakna
Ah teu nyaho…
Teuing kumaha tadina
Sungutna ngacaprak sapapanjang jalan
Ngawut-ngawut buuk bari tutunuk
Kadang nyakakak bari cireumbay
Ah teu nyaho….
Teuing naon sababna
Buukna digundulan awakna teu dibajuan
Beungeut eumeur tapak neungeul
Awak bonyok tapak nonjok
Ah teu nyaho..
Teuing kumaha muasalna
Tapi cenah aya beja…
Manehna loba barang hakan…
Ngan rupana kalebokan setan
Bangusna loba nginuman cai
Ngan caina cikiih jurig
Lakuna ciga maen sulap
Kokod pondok jadi panjang…
Teu kaop nenjo barang
Meleng saeutik barang ilang
Ah…teu nyaho…
Kuring mah tara pipilueun

Dua Tempat Anu Beda

ITU TEMPAT NAON….NGARANA
Yasa : Emon Suryadilaga

Itu tempat naon..
Jalana jalan tarahal dihias ganja
Taman kembangna disebor ku alkohol
Bilikna dianyam tina awi ekstasi
Pagerna dijieun tina tangkal maksiat
Itu tempat naon..
Anu asupna rupa manusa..
Tapi balikna salin jinis jadi hewan
Itu Tempat naon…
Tempat naon itu
Jalana dihias ku endahna Qur’an
Taman kembangna disebor kucai wirid
Tembokna dipulas kalimah toyyibah
Pagerna dikuriling kupager Dzikir..
Itu tempat naon..
Tempat naon itu…?Pilih mana anu jadi tujuan..!
DUA ANU KALIWAT
Yasa : Emon Suryadilaga

Peuting ieu
Sagurat niat kacutat dina ati
Seja ngambah endahna sagara janari leutik
Diantara sela impian endah manusa
Tapi geuning……..
Panggero Niat hanteu kuat..
Hanteu wasa ngagupay sukma
Sangkan nyarumah kana jasad anu ngajepat
Sukma kumalayang ngawang-ngawang
Mapay-mapay panjangna jagat
Malipir basisir peuting anu simpe
Laha loho ngalongok dunya anu lega..
Sukma…kumalayang
Neang taman impian anu endah…
Duh…itu bidadari aya ku geulis
Duh…itu mojang aya kulenjang
Imut manis ngagelenyu pinuh pagirut
Mawa gondewa mentangkeun panah asmara..
Sukma..Motah dialam anu endah..
Sukma….
Ah…itu geuning panon poe nembongan
Megat niat…ngagupay sukma