Sabtu, 24 Mei 2008

Harepan Anu Ilang

NU ILANG PEUTING IEU
Yasa : Emon Suryadilaga

Peuting ieu..
Aya sagurat pangharepan anu ilang
Ngawang kaliud seahna angina
Mapak langit,meuntans jerona mega
Saudat rasa nyangkaruk saukur kuciwa jero dada
Ngagurat lir panjangna kahayang
Ngampar lir legana dunya..
Naha Naon…
Anu jadi sabab ilang…
Lain angin padahal anu mawa ilang
Lain hujan caina anu mawa palid
Teuing naha eta gurat pangharepan anu ilang
Ilang katutup ku mega
Tapi…geuning apan itu mega…
Anu jadi saksi………Ilangna ieu pangharepan
AH….TEU NYAHO..
Yasa : Emon Suryadilaga


Ah teu nyaho..teu apal mimitina
Ngabusah bangusna..
Burahay matana
Pengkor sukuna…ngarengkol awakna
Ah teu nyaho…
Teuing kumaha tadina
Sungutna ngacaprak sapapanjang jalan
Ngawut-ngawut buuk bari tutunuk
Kadang nyakakak bari cireumbay
Ah teu nyaho….
Teuing naon sababna
Buukna digundulan awakna teu dibajuan
Beungeut eumeur tapak neungeul
Awak bonyok tapak nonjok
Ah teu nyaho..
Teuing kumaha muasalna
Tapi cenah aya beja…
Manehna loba barang hakan…
Ngan rupana kalebokan setan
Bangusna loba nginuman cai
Ngan caina cikiih jurig
Lakuna ciga maen sulap
Kokod pondok jadi panjang…
Teu kaop nenjo barang
Meleng saeutik barang ilang
Ah…teu nyaho…
Kuring mah tara pipilueun

Dua Tempat Anu Beda

ITU TEMPAT NAON….NGARANA
Yasa : Emon Suryadilaga

Itu tempat naon..
Jalana jalan tarahal dihias ganja
Taman kembangna disebor ku alkohol
Bilikna dianyam tina awi ekstasi
Pagerna dijieun tina tangkal maksiat
Itu tempat naon..
Anu asupna rupa manusa..
Tapi balikna salin jinis jadi hewan
Itu Tempat naon…
Tempat naon itu
Jalana dihias ku endahna Qur’an
Taman kembangna disebor kucai wirid
Tembokna dipulas kalimah toyyibah
Pagerna dikuriling kupager Dzikir..
Itu tempat naon..
Tempat naon itu…?Pilih mana anu jadi tujuan..!
DUA ANU KALIWAT
Yasa : Emon Suryadilaga

Peuting ieu
Sagurat niat kacutat dina ati
Seja ngambah endahna sagara janari leutik
Diantara sela impian endah manusa
Tapi geuning……..
Panggero Niat hanteu kuat..
Hanteu wasa ngagupay sukma
Sangkan nyarumah kana jasad anu ngajepat
Sukma kumalayang ngawang-ngawang
Mapay-mapay panjangna jagat
Malipir basisir peuting anu simpe
Laha loho ngalongok dunya anu lega..
Sukma…kumalayang
Neang taman impian anu endah…
Duh…itu bidadari aya ku geulis
Duh…itu mojang aya kulenjang
Imut manis ngagelenyu pinuh pagirut
Mawa gondewa mentangkeun panah asmara..
Sukma..Motah dialam anu endah..
Sukma….
Ah…itu geuning panon poe nembongan
Megat niat…ngagupay sukma
ITU SAHA MAWA BUKU
Yasa : Emon Suryadilaga


Itu saha anu dikatuhu
Eta saha anu dikenca
Mawa buku hiji catetan
Tara leupas salalawasna
Tara poho salilana
Ngalangkangan awak dina tiap lengkah
Nalingakeun diri dina tiap laku
Itu saha
Anu dikenca jeung katuhu
Tulas tulis dina buku
Lain puisi anu ditulisna
Atawa Sajak anu dicutat
Lain surat anu diserat
Komo wasiat anu digurat
Itu saha dikenca jeung katuhu
Tulas tulis dina buku
Tara leuwih najan satitik
Tara kurang najan sagurat
Komo kaliwat najan saudat
Itu saha….saha itu
Anu nulis dina buku
Najan peuting tetep nyaring
Komo beurang permana tingal
Itu saha…saha itu
Mawa buku hji catetan
Hade jeung goreng jadi pilihan

Rasa Hanjakal Naha Datang tipandeuri

LAYUNG BEUREUM
Yasa : Emon Suryadilaga

Itu layung aya ku beureum
Mancawura kaunggal juru dunya
Mapaes rasa betahna kahirupan
Ngahias lengkah..
Mawa poho kana tujuan
Naha rasa..
Geuning tacan aya rumasa
Naha lengkah..
Geuning kalah loba balangah
Padahal…
Padahal itu layung bakal ilang
Peuting nu panjang bakal midang
Tapi tetep…ieu rasa
Tacan boga ngaran rumasa
Tapi tetep ieu lengkah..
Aya dina jalan salah
Itu layung…Geuning ilang
Alam poek samongklengna
Pangrasa diri….Bentang bakal baranang
Purnama bakal nembongan
Tapi geuning ieu alam..
Kasimbutan jangjang poek
Ieu rasa…Hanjakal anu aya

Asalna manusa tina hiji wujud anu bakal ilang

CUTATAN SAKETENG KADUA
Yasa : Emon Suryadilaga

Manusa….
Hiji wujud anu bakal perlaya
Leungit bentuk ilang rupa
Nembus alam taya cahya
Mangsa nyawa kaluar sakuduna
Tina jasad….ragana manusa
Manusa…
Naon anu bisa dibawa
Kana liang hiji ka dua
Anu heurin pikeun usik, anu heureut pikeun ngejat
Paadu tuur jeung padung,Pakeupis leungeun jeung lalandak
Manusa…
Naon anu bisa dibawa
Sabab harta ..geuning taya harti
Pangkat jabatan taya guna
Sanak baraya moal maturan
Sakabehna taya bisa anu nulungan
Manusa…
Wujud jeung rupa
Sagalana saukur titipan
Hanteu bisa ngabogaan,najan salambar…
Buuk …anu jadi itungan…
Manusa…
Eta wujud anu bakal perlaya

Jumat, 23 Mei 2008

LEMBUR TANEUH LUHUR
Yasa : Emon Suryadilaga

Itu lembur taneuh luhur
Anu nyingkur jauh jeung batur
Taya Cahya anu jadi lantera
Lian cika-cika anu haliberan
Taya Sora anu jadi guneman
Lian cihcir anu mawa gimir
Jeung caricangkas anu mawa waas
Itu lembur taneuh luhur
Ti kidul ngujur ka kaler
Dihias papan sajeungkal
Ditulis tanggal wiwitan
Digurat tanggal wekasan
Dipahat ngaran anu sampeuran
Jadi ciri anu jadi pribumi
Itu lembur taneuh luhur
Lembur naon..Lembur saha
Naon lembur eta ngarana
Saha anu jadi pangeusina
Itu lembur taneuh luhur….
Pangbalikan jaga…….
Dirina manusa……..
SAKARATUL MAOT
Yasa : Emon Suryadilaga

Manehna bakal datang kasatiap jiwa
Bakal nyungsi kana tiap diri
Datangna moal bisa dihahalang
Nyungsina kana diri moal bisa digunta ganti
Cenah………
Peurih karasana lir ibarat katurih hinis
Panasna alabatan nincak ruhak
Tiisna tanding cai meunang nyaring
Nyerina nyaksrak kana awak
Nyaliara kana tiap urat
Sumarambah kana bayah
Nyulusup kana sungsum balung…
Naon atuh nu kitu ngarana ???
Geuning…….
Sakaratul maot eta ngaranna
Paragat nyawa eta lumakuna
Teu bisa ditangtukeun eta waktuna
Kasatiap mahluk bakal nepina

Naudzubillahimindzalik

MIM…FA….KAF……
Yasa : Emon Suryadilaga

Mim… Nun……Fa Qaf
Nyangking na dina diri manusa
Lakuning hirup lampahing badan
Omong kosong pinuh ku bohong
Jangji saukur ucap tara ngajadi
Taya hiji amanat anu kaliwat jadi hianat
Fa…Sin Qof
Nyangkingna dina diri manusa
Hanteu kadeuleu aya anu beda
Tapi hiji anu pertela
Indit ka masjid jadi santri
Mantog ka diskotik jadi jurig
Halal jeung haram kalebokanana
Amal jeung maksiat polah hirupna
Kaf…Fa…Ro…
Nyangkingna dina diri manusa..
Taya pangaku ka pangerana
Kadeuleu atra hareupeun mata
Jadi musuh anu utama
Mim… Fa..Qof….
Nyangkingna dina diri manusa
Anu ditutup Panto hatena
(Naudzubillahimin dzalik)

Dakwa Panca Indra

DAKWA PANCA INDRA
Yasa : Emon Suryadilaga

Hiji mangsa bakal datang
Mangsa biwir tukang nyicibir
Nyacampah ka pada sasama
Kulat kelit nyieun dalih
Haruwas-harewos nyebar fitenah..
Lain biwir anu dipake muji ka Gusti
Dipake dzikir ngait ati ka robbul ijati
Ngaluarkeun nasehat kana jalan taat
Geus dikonci rapet..Ku Gusti
Rapet…….
Rapet lir ibarat rapetna Uyah jeung asina..Gula jeung amisna
Hiji dakwa bakal dating anu nyata
Yeuh……..Aing mata ngaranna
Anu ku sia sok dipake nenjo
Nenjo anu lain sakuduna
Yeuh aing leungeun wujudna
Anu ku sia sok dipake nyokot
Tapi nyokot anu lain hak na
Yeuh…aing ceuli rupana
Anu ku sia sok dipake ngareungeu…
Tapi lain ngareureu parentahna
Yeuh.. aing irung ngaranna
Anu ku sia sok dipake ngangseu
Tapi lain ngangseu kaagungana Na
Yeuh aing suku…..
Pamungkas anu ngadakwa…….
Sabab lengkah anu nyata….
Lengkah kana jalan maksiat
Aing..Panca indra
Bakal jadi saksi saujratna
CUTATAN AL FATIHAH
Yasa : Emon suryadilaga

Ya Robb…
Bismillah anu jadi bubuka
Sajatina puji anging keur Gusti
Saenyana puja anging keur pangeran
Robbul ijati murbrhing kabeh alam
Hanteu aya beda pikeun anjeun…
Ya Robb..
Welas asih ka mahluk Na
Hiji taqwa anu jadi beda
Ciri sajati pikeun manusa
Ya Robb…
Sajatina ieu bakti anging ka Gusti
Hanteu weleh siang jeung wengi
Neda sagala pitulung jeung kabutuh
Satiap gumulung rasa kabingung
Nerapna rasa kasusah
Ya Robb..
Al malikul Kuddussalam
Mung ka Anjeun
Ieu dampal naprak neda kasalira
Ya Robb..
Mugi Gusti Nunjukeun ka abdi
Jalan anu dipiridlo ku Gusti
Nyaeta jalanna jalma anu kenging Pituduh Gusti